Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Ratna

Kamis, 12 Maret 2015

DUA jam deui Ratna réndéngan. Kuring samar koloyong. Indit. Ulah. Indit. Ulah. Ngitung ramo. Indit, ceuk cingir katuhu. Ulah, ceuk cingir kénca. Tapi kuring keukeuh kudu indit. Hayang nempo lalaki nu geus ngabégal impian. Ngagidig muru imahna. Anéh. Kuduna mah janur kuning nu ngagulawing téh. Naha bet kélébét konéng? Jalma-jalma nu kaliwatan tingkecewis. Lain ngomongkeun kuring. Ngomongkeun pangantén lalaki nu maot ngadadak. “Karunya teuing Jang Agus. Karék gé rék meunang kabagjaan...,” ceuk nu ngobrol di tepas. Gebeg. Agus? Apanan Agus téh ngaran kuring. Maranéhna téh keur nyaritakeun kuring. Boa-boa kuring nu ieu téh ukur nyawa nu keur kumayalang? Geuwat nempoan waruga sorangan. Néangan eunteung. Awak leuleus. Ratug. Tingsariak. Sup, ka patengahan. Ratna maké baju pangantén kénéh, rambisak. Manéhna nyampeurkeun bari ngajak sasalaman. “Jantung, Kang!” pokna, dibarung inghak. Kuring ngahanju. Beu, nu ngaran Agus téh lain kuring wungkul apanan. Aingah...! Teu tulus nyieun carita ahéng téh. Hanas geus dramatis.*

Rudi Riadi - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya