Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Kadu Maung

Jumat, 13 Maret 2015

ABAH Dailami jago kanuragan, ngaleuya muridna di mana-mana.
Pagelaran geus hémpak. Murid-murid marendeko ka Abah. Burieunana numpuk kadu sagedé-gedé hulu. "Ieu kadu kabéh kudu béak dipajuh. Nu teu kuat, tonggong dia diruruan cangkangna ku aing. Saha nu méakeun kadu panglobana, mangka hatam awak dia, tina kuku-kuku si belang. Ngarti dararia?" Abah kokono. Muridna arunggeuk.
Laju... Hiek mabek kadu kaambeu ka alak paul. Maung ting garerem. Bau manusia nu pikabitaeun, kéléh ku mabekna kadu jeung mokla-mokla nu ting lémbéréh tina tonggong muridna nu diruruan Abah. Ngambeu hanyir, maung lain beuki haranga, tapi kalahan malundur. Laju ngajarauhan kalang.
Gaur maung nu lalémbéng, pajeulit jeung cakakak Abah Dailami, neuleu satengah muridna hatam tina tahapan ngabanten kadu-kadu leuweung nu mabek nandingan hanyir mokla kabeuki para maung.
Ti harita, Pagelaran Kadu Maung jadi kacapangan.*

Rohendi Pandeglang - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya