Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Barang Antik

Minggu, 15 Maret 2015

CENAH. Kailhaman tina acara TV. lamun rék dadagangan, barang nu rék dijual téh kudu béda jeung nu séjén. Supaya payu. Poé ahad. Sudin. Isuk kénéh muru komplék imah méwah. Sudin ngahaja ngajémprak di jajalaneun. “Ka darieu yeuh, barang antik dijual murah!” pokna. Rob. Pada nyalampeurkeun. Bari naragog. “Dagang apaan, nih?” ceuk aki-aki. Nu maké calana lepis. Diléndéan ku budak awéwe. Nu keur meujeuhna rumangu. “ Kita jadi penasaran, nih!” ceuk nu maraké dasi nu karék turun tina mobilna. Sudin geuwat muka gembolan. Bray. Kabéh nu ngaronyok karerung. “Teu kedah karagét. Cobi tinggalan heula barangna. Aya kapas, mérek asiwung. Tah ieu mah boéh warna kayas. Cocok kanggo nu tos diistrénan. Tetengger nu asli ogé aya. Didamelna tina kai jati..., mangga kantun milih. Tah..., pami nu ieu...” Sudin némbongkeun botol. Eusina semu beureum. “Mang, naon éta?” aya budak nyelengkeung. “Tah ieu mah tuak cipanon karuhun hidep. Anu geus nahun!” walon Sudin.*

Yuharno Uyuh - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya