Sarung Poléng
KISUTA.com - Peuting téh teu laju jempling. Sanggeus pangeusi pos ronda kagentak ku sora Mudin nu ujug-ujug datang ngagarapak.
“Aya bangsat pingping siah! Silaing mah kalah cararicing. Ngarareunah!” Kituna téh bari tuluy jalang-jéléng. Pépédéngkréng.
“Geus kabongohan deui waé...,” ronda nu saurang gegerendengan. Satengahing tingalabring.
“Bi Karsihna atuda. Tampaan teuing. Kéna-kéna nyabeulah. Nu larsup teu katadah. Teuing Si Asép teuing Si Rais ayeuna mah,” ronda nu saurang deui némpas semu humandeuar.
Ngan Mudin nu teu lémék téh. Ukur kapireng kerot huntuna.
Barang cunduk téh enya wé. Bi Karsih katénjo keur meundeutkeun jandéla imahna. Laju dibaruru. Ronda jlung-jleng. Arabus ka pangkéng. Bi Karsih ngocéak kapengkek bari pahibut memener kabaya jeung sampingna nu padu rap. Lung. Aya nu ngalayang ti jero kamar. Eunteup pisan dina beungeut Mudin. Horéng sarung poléng.
“Kawas sarung ilaing, Din!” Ronda nu ti jero pangkéng norojol bari muncereng.
Mudin curinghak, tuluy nelek-nelek sarung. “Tadi téh bangsatna nginjeum heula sarung uing,” pokna.*
Asep Komara - kisuta.com


