Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Iwung

Rabu, 25 Maret 2015

KISUTA.com - Aya hiji budak, ngaranna Iwung. Lahir di Jakarta, gedé di Majaléngka. Karesepna maké bendo. Ka pasar dibendo, ka sawah dibendo, karuhan ka masigit jeung ka sakola mah. Dalah ka cai, ka pacilingan gé, huluna tara ieuh leupas tina bendo.
Hiji mangsa, tengah poé éréng-éréngan, manéhna ngadon héés di pipir imah Mang Ayip. Tibra pisan. Lar, aya jin Korés ngaliwat. Pangangguran, bendo si Iwung dilaan tina huluna. Terus disumputkeun dina tangkal caringin, teu jauh ti pabrik gula. Atuh, basa si Iwung hudang, manéhna rawah-riwih néangan bendo. Teu kapanggih. Hing baé ceurik. Kuat ka gagauran. “Balikkeun bendo aing, balikkeun bendo aing…,” ceuk manéhna bari lolongséran.
Teu ieuh aya nu ngawaro. Da jelema keur di karebon, keur usum panén tiwu. Kanyahoan téh tilu poé ti harita, basa Bi Surti rék ngala cikur. Si Iwung geus ngababatang, nangkarak bengkang. Panonna buncelik, sungutna calangap. Tayohna mah, kakeueum ku cipanonna sorangan.*

Maman Gantra - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya