Lain Kabayan
KISUTA.com - Meungpeung pamajikanana keur gégéroh, manéhna bisa salsé ngalamun. Ngalamunkeun nasib dirina nu teu hojah tina katuna jeung kasangsara. Bonusna, sakadang mitoha teu weléh pipilueun. Keur mitohana, cinta téh samisareng harta. Hal éta nu nyababkeun manéhna ngarasa nyeri haté. Manéhna mimiti sadar kana konsép hirupna nu salah salila ieu. Nu teu nanaon ku nanaon. Manéhna hayang ngarobah simbol prototipeu urang Sunda nu pangedulan.
“Aing kudu suksés, sangkan teu dihina ku mitoha. Ku tatangga!” pokna bari meureupkeun ramo. Bray, panto jandéla dibuka. Hiuk angin, neumbrag kulitna. Di jalan geus ramé ku nu balawiri. Nu ka kantor, nu ka pasar, nu ka sakola.
“Aing kudu suksés!” gerentesna bari nutupkeun deui jandéla. Léos ka pangkéng. Simbut jeung bantal ngagupayan. Ker!*
Rudi Riadi - kisuta.com


