Fatal
KISUTA.com - Positif! Ajrag-ajragan. Rasa bungah nu teu bisa kagambarkeun. Buah kasabaran rumahtangga welasan taun. Nu pangheulana mah sujud sukur. Tawis panuhun kana Piwelas Kaasih ti Gusti. Geus kacipta kabungahna nu jadi salaki. Ajrag-ajragan ogé, bari rambisak meureunan, terus kuring ditangkeup, dicium, dipangku. Biwir runya-renyu, nyipta-nyipta paripolahna salaki engké. sajeroning ngamplopan téstpack. Ati-ati amplop téh disimpen dina laci. Témbongkeuneun ka salaki nu geus dua poé tugas ka luar. Soré ayeuna balikna. Jeung deuih, ampir sabulan teu parurun ngalayanan salaki. Nu matak basa inditna, camberut waé. Perbawa Si Utun. Geus nampa béja mah moal murukusunu. Mandi ah, Méh sareungit mapag salaki. Keur mandi, kadéngé gerung mobil. Duh, telat. Salaki datang. Mandi digancangkeun. Panto kamar aya nu muka. Teu lila... Gebrag! Panto kamar mandi rujad dijejek. Salaki matana burahay ngacungkeun amplop jeung..., téstpack!
"Goblog! Sia reuneuh ku saha? Paingan mumul ngalayanan aing siah, Bangkawarah!" Habek! Sapatuna najong beuteung.
"A..., akaaang!"
Gampleng! Awak ngoléang. Sirah nutug kana tungtung keramik bak. Les.*
Emalia - kisuta.com


