Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Keur Salira Lenggana

Minggu, 29 Maret 2015

KISUTA.com - Nada-nada péntatonis diwincik hiji-hiji nyelendep asup kana tangara apergio. Galindeng wirahma blues genep saperdalapan ngaweuhan ciciptan. Tapi can aya rumpaka. Ngan geter kulawu anjog ngulayab ka jauhna. Rarangkén ornamén dinamik tarik jeung halon geus narapel dina luhur notasi. Can aya kelemeng picaritaeun, kawas ngadago kingkilaban beurang. Simpé guguritan. Hawar aya hariring kabawa angin kapireng ngusap lelembutan. ”Nyeri peurih geus kapanggih lara wirang geus kasorang.” Haréwosna meueut dina sagara katresna. Ngarolébat narémbongan tanjakan jeung pudunan anu kungsi disorang. Rusiah kumelendang di alam dunya. Trét nulis rumpaka. ”Anjeun anu sabar sadrah jeung soléh, mugia urang duaan reujeung mulang ka alam pangbalikan.” Wirahma blues mungkas dina chord Bé minor tujuh min lima. Diminis. Juuh cimata.*

Iwan Hanjuang - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya