Mecak Ajian Brajamusti
KISUTA.com - Kebon awi, jauh ti lembur. “Bayangkeun uing téh jalma nu pangdipikacuana ku manéh. Tuluy serang sahabekna tong asa-asa. Kudu bari jeung napsu nyah!” ceuk Kang Sarju.
Kang Sarju pasang kuda-kuda. Bingung, teu bisa ujug-ujug napsu teu pupuguh. Ngabayangkeun ibu guru kesenian nu sok nganggo baju merecet baé bari erok pungsat. Pinapsueun. Merekpek nyerang Kang Sarju. Tihothét, sawaréh katangkis, sawaréh nenggel kana awakna. “Heup..heup..heup..uing ripuh, da manéh teu bari napsu nyerangna.” Katingali hanjelu. Meneng sakedapan. “Kieu baé, ieu ajian deuk diabuskeun ka manéh. Mun ku uing diserang, méméh nenggel kana awak tahan ku napas nu dipusarkeun luhureun bujal.” Kang Sarju nyekel leugeun uing tuluy diantelkeun kana luhureun bujalna. Dikenyedkeun, “Tah kitukeun!” pokna.
Kang Sarju peureum. Lalaunan beungeutna jadi robah warna, siga beusi atah beuleum. Matana muncereng. Ngagerem. Uing taki-taki. Beretek lumpat sakalumpat-lampet teu sirikna notog-notogeun manéh.*
Yayan 'Bedog' Supriatna - kisuta.com


