Nu Kagendam
KISUTA.com - Diperenahkeun. Tara jauh ti paimbaran. Luyu jeung pangaweruhna. Nyuprih, nahun. Kaceluk. Kalandep. Sorana teu weleh ngalanglaung saban waktu, ngaweuhan sabudeureun lembur. Dina simpéning simpé. Manéhna rumahuh. Neuteup imah nu sacangkéwok gigireun masjid.
Ganti wanci. Keuna dihin pinasti. Kagendam ku moronyoyna huntu titiron ti sakur pangajak. “Tad téh, poténsial, ngagigiwing tasbé mah apan aya wancina. Peujit anak pamajikan perlu dieusi,” ceuk nu ngajak. Tatag naker. Manéhna peureum. Jeroning batinna ngaheueuhan. Neger-neger. Laju ikrar lisan. Geus buleud. “Enya, kudu sawirahma lahir jeung batin,” gerentesna. Bari engeuh, aya nu ngéngklak na biwir batina.
Mangsa na luhur panggung. Ngagembrung. Goyang maut. Geus teu bisa deui meungpeukan panon batina. Awakna milu oyag. Jep. Sora agemna nu sasari di majlis kaluar deui. Ngan rada silung. Tingbeledag. Nyengir. Sihungan.*
Yuharno Uyuh - kisuta.com


