Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Moris Yusuf Jilani

Rabu, 1 April 2015

KISUTA.com - Singhoréng mimitina ti abad 39. Yusuf Risyad Jilani, nu harita kapentés jadi Perdana Mentri, siga karuhunna di abad 21, kapaksa ngungsi ka Khairphur. Pasukan Mang Yong Hui ti Manchuria nyéréd ti béh kulon. Karachi kari ngaran. Dina tempo 30 taun sanasib jeung Jakarta: Jadi leuweung deui. Ukur pamayang Oman nu pirajeunan sok ngiuhan di lebah dinya. Ngadon ngeusian cai.
Salah sahiji buyutna, Moris Yusuf Jilani, kawilang nyongcolang. Lulus ti Akademi Tora-Bora, mingpin Perang Milan, 4002. Bérés éta, eureun jadi tentara. Didarapuk jadi Ketua Partai Hizbut Pakistani (PHP), baris terus kapilih jadi Perdana Menteri.
Ngan, teu hanteu, pamaréntahanana pinuh ku korupsi. Rahayat katalangsara, budak sakola euweuh guruna, cileuncang ngeyembeng di mana-mana, jalan geus obah jadi susukan. Lain baé ditinggalkeun Partai Nur Pakistan, nu salila ieu jadi koalisina. Tapi, ogé ku tarékat-tarékat Qadiriyah nu mémang jadi basis pendukung PHP. Geus opat puluh taun manéhna kumawasa, Pakistan teu menyat-menyat. Nu barontak di mana-mana.*

Maman Gantra - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya