Naur Kanyeri
KISUTA.com - "Mah, Nda tos kenging gaduh kabogoh kan nya?" ngaléndéan. Rada reuwas ogé.
"Saleresna mah teu acan kénging. Nda téh sakola kénéh. Sakedap deui mayunan ujian. Tong waka heula nya...," ngusapan buukna. Hariwang.
"Mamah maaahhh..." Ngajanggilek.
"Sanés ku nanaon, Sayang. Mamah melang, kumaha kéh upami ngaganggu konséntrasi kana ujian? Hoyong teu lulus?"
"Ihhh, tapi justru aya Si Aa éta, Nda janten langkung sumanget diajar. Pan tipayun nilai try out Nda réngking ka hiji, rata-rata nilai tertinggi. Si Aa mah pinter, pami Nda teu ngartos, anjeunna nu ngawurukkan. Sabar deuih. Mamah sareng ayah tara aya waktos kanggo Nda. Si Aa nu teu weléh ngaréncangan, nu sok nyumangetan pami Nda males ngapalkeun." Cahya béntang pating kariceup dina matana nu hérang ngagenclang. Cahya cinta! Cahya nu kungsi dipiboga mangsa rumaja.
Kuring ngarénghap eungap ku karumasaan.
"Kénging mamah kenalan heula sareng Aa-na?"
"Isin." Ngeluk.
"Naha?"
"Saurna..., saurna, Si Aa téh. Mmm..." Asa-asa.
"Kumaha?"
"Tilas..., kabogoh mamah!"*
Emalia Ilyas - kisuta.com


