Rusiah Manéhna
KISUTA.com - Buricak-burinong mun manéhna keur pepeta. Anu nénjo kotka molohok dibarung kabita. Teu saeutik nu langsung murihit, rék dihilian ku duit. "Ulah ieu mah, jimat..!" pokna.
Anéh, saprak manéhna maké batu ali éta. Kana usaha jadi babari. Indit-inditan tara susah da dina dompétna metet ku duit. Kukumpul harta-banda taya bosenna.
Wanoja gareulis ngantri hayang diajak ulin. "Akang, abdi sono..!" puluhan pesen dina kecap nu sarua patingtorojol. Rabeng kawas siraru. Iman kuat ngan imin mah teu kiat. Sadayana dilayanan, euweuh nu kaliwat. Antukna usaha cul jeun. Nganteur nu geugeut, ngajak nu hayang.
Tilu bulan ti harita. Imahna hiji-hiji dijabel bank.
Mobilna dijualan. Indit-inditan jadi leumpang. Teu boga nanaon. "Oniiiih..! Hampura Akang..!" jumerit. Acong-acongan hareupeun kuburan anyar.*
Irman N Dimyatié - kisuta.com


