Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Kolot Kalapa

Rabu, 8 April 2015

KISUTA.com - Barang sup, lalaki nu keur guntreng deukeut lawang ngadadak jempé. Aya sababaraha urang nu mencrong kana beungeut. Gék dina korsi ruang tunggu. Panggilan sidang jadwalna jam sabelas, aya waktu satengah jam deui. Picangkeuleun. Kop kana BB. Autis mode on.
“Badé sidang, Bu?” Lalaki nu di lawang jol diuk gigireun. Nanya bari rut-rét ti luhur ka handap.
“Muhun.”
“Sami abdi gé. Kantun ketok palu.” Ukur dibales ku imut. Bet asa ngéwa ka lalaki loba omong téh.
“Kunaon pirak? Gugat Cerai?” Tibang unggeuk. Tapi mimiti rada keuheul.
“Abdi mah pun bojo nyéléwéng.” Teu diwaro, ukur dirérét. Hayang ngajéngkat ngan asa teu sopan
“Lebar.” Cenah, bari panonna rada mélétét.
“Maksadna?”
“Ibu mah kolot kalapa, meumeujeuhna. Tiasa nyuhunkeun pin BB-na?” Nyosok jero. Teu maké lila, jung nangtung.
“Punten, boa sanés bojo nu nyéléwéng, namung bapa nu loyor!” Manéhna ngélémés. Dasar kodian. Lalaki obral sarébu tilu!*

Tiktik Rusyani - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya