Haréwos Angin
KISUTA.com - Dina mangsa-mangsa poékna peuting. Kuring sok ngahajakeun muka jandéla salega-legana. Jandéla nu disarigsig ku tradisi. Nyeuseup hawana keur niiskeun haté nu bayeungyang. Sok dibaturan ku hiliwirna angin. Ngaharéwoskeun rupa-rupa carita nu kasaba ku manéhna. Unggal carita nu matak kabita.
"Caritakeun deui dongéng nu kamari." Ceuk kuring. Angin ngahémbos, ngélékéték punduk. Kuring peureum. Ngadédéngékeun haréwosna. Dongéngna. Carita cinta ti Nagri Cimata. Kameumeut kuring.
Karasa aya nu haneut dina kongkolak panon. Cimata! Siga kamari jeung kamarina deui. Sakeclak-sakeclak marengan séahna angin nu ngadongéng. Kecap-kecapna nebak punduk, niup buuk.
Dina tungtung carita. Rada hanjelu. Naha kalahka angger 'happy énding'? Nu keukeuh murubutkeun keclak cimata kabagjaan keur éta carita. Lain keur kuring! Kuring mah teu boga kabagjaan. Kabagjaan kuring mah geus dibikeun ka peuting jeung ka nu geus merkosa.
Brak! Panto muka. Golombrang. Piring séng satengah dibalangkeun.
"Can modar kénéh sia téh?" Haok indung. Kuring melong balok kai nu ngabérok suku. Hing, ceurik.*
Emalia Ilyas - kisuta.com


