Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Kembang Galengan

Jumat, 10 April 2015

KISUTA.com - Leumpang dina galengan téh teu bisa gancang. Da leungeunna hayoh waé muntangan. Teu kaop aya keuyeup ngarayap atawa bancét nu tinggarajleng. Geus pasti ngajéréwét. Matak éra parada dilalajoan ku nu ngarambét. Padahal ieu beuteung geus kukurubukan. Sambel oncom coel écéng, geus asa dina elak-elakan. Srog téh ka saung, manéhna teu laju ngudar aisan. Kalah tuluy luak-lieuk. Nyawang upluk-aplakna pasawahan.
“Asa di luhur méga,” pokna. Jiga nu terus rasa. Teu dihaminan ieuh. Beteung geus teu bisa dipersabenan. Sanggeus ngupyakkeun pacul, leungeun geuwat nyolongkrong kana boboko. Ngabadug saeutik éta ogé. Ngan manéhna semu nu haré-haré. Kalah tuluy pakpikpek murak babahanan. Brak, wé. Duaan. Aya ku nimat nakeranan.
Pahibut nyocolan sambel. Paheula-heula murak paisan. Asa inget baheula mangsa latihan. Nu nganteuran téh katenjo bangun nu leuwih ponyo. Ngan teu wanieun ari teurab mah, sabada cientéh milu ngahaneutan.
“Engkang! Éh...Mayor, iraha badé mulang ka pangkalan?” Sorana ngoncrang pisan. Nongtak ieu tikoro nu keur kabesékan.*

Asép Komara - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya