Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Saha Manèh?

Sabtu, 11 April 2015

KISUTA.com - Beungeut manéh nampeu. Ngajeblag hareupeun uing. Kawas bebegig. Raca pinuh bohak. Pinuh tatu. Sapopoé leuleumpangan mapay lembur. Ngaprak jalan. Ngocoblak kamana karep. Teu nolih ciduh nu muncrat ucrat-acrét. Wanci reureuh. Cingogo lebah parapatan. Ngajémprak di nu iuh gigireun gentong taneuh nu kembangan. Taya nu miroséa. Da puguh taya nu nyaho ka manéh. Taya nu wawuh. Manéh pada nyingkahan. Pada mikaijid. Kalan-kalan pada ngabalédogan. Hiji waktu, basa hujan keur meujeuhna ngagebret. Korsél kameumeut manéh runtuh ka béntar gelap. Manéh ceurik gagauran. Gogoakan. Di sisi wahangan manéh ngajanteng. Nginghak. Tangkal seureuh nu ngajijimbrung. Dipetikan. Ditiupan kawas niup suling. Sakapeung digayem, diburakeun. Ngahariring. Gorowok deui. Nyeuleuweung deui. Gog, cingongo. Ngahuleng. Cinutrung sisi cai nu keur ngagulidag. Humarurung. Rét, ka tukang. Nyéh, seuri. Kalacat kana rakit kawas diayun ambing. Emh, bagja. Bagja temen manéh ayeuna. Lalayaran jeung para pohaci. Euweuh nu dirasa masing bugang manéh diparebutkeun ajag. Digiwing sacuir-sacuir. Digugusur dibawa ka leuweung.*

Dewi Ratna Damayanti - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya