Gravity
KISUTA.com - Dina rohang nu peteng saparatna. Anggang mangjuta taun cahaya. Dunya, lemah cai manusa, enya geuning buleud. Wujudna peresis jiga cocooan manéhna, basa keur budak. Nu tuluy mubus kana ciciptan. Jadi angen-angen. Muih. Matapoé nu méh surup. Hurung layung mangsana ngurunyung. Témbong éndah, tina kapal sarupa kapsul. Ngalayang, kakalayangan. Ngahudang deui daya spiritual nu lana tibra. Dunya aya nu boga. Nyata karasa kawasa-Na. Kabéh, dijieun, diciptakeun.
Ukur manéhna nu salamet, tina hujan ruruntuk. Ngalantarankeun kayakinan ngeunaan sajatining manusa-nu ngancik na dirina: aing ti aing, aing nu aing, aing keur aing, ngiles duka ka mana. Kalah kapireng sada orok keur ngéar, sada nu keur ngaderes, sora-sora nu teu bireuk. Matak rus-ras.
Sakeclak demi sakeclak cimata, nyieun gurat dina pipina. Jorojoy hayang ngadunga. Rék dunga naon? Nu mana? Teu bisa, kumaha ngalisankeunana. Rumasa atah warah. Harepanana peunggas. Kaséér teu kaampeuh. Hayang ngocéak. Ujug-ujug aya nu ngaharéwos, "Turutan kuring. Ash-hadu alla ilaha illallah...."*
Budi Mugia Raspati - kisuta.com


