Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Néang Harepan

Selasa, 14 April 2015

KISUTA.com - Gujreg…gujreg. Karéta maju ngalaunan. Ngaliwat ka hiji padumukan kumuh tukangeun pasar. Suhunan-suhunan tina triplék, kardus, méh antel kana awak gerbong. Kari dua statsion deui. Rét, neuteup budak nu tibra dina lahunan. Panonna, irungna, nyeplés bapana. Biwir ngarenyu, “Sing ageung milik, Bageur.”
Anjog ka statsion tujuan, jrut turun. Leumpang mapay-mapay erél. Léok méngkol ka hiji gang. Teu lila, anjog ka hareupeun hiji pakarangan heureut. Pot-pot kembang ngajajar. “Mah, damang?” Nyolongkrong ka awéwé nu keur cécébor. Riuk beungeut jeung kunyem biwirna ngeundeurkeun angen. Sup ka imah, gék diuk dina sofa. Rindat panonna nitah milu diuk.
“Naha teu apal, si Aa keur kuli?” Meg! Tungkul, leungeun nepakan budak nu ngulisik bari ngarenghik. “Ké geus boga duit cenah, rék mulang ka ditu.” Juru biwirna nu kénca semu nyingsat. Balem. Inget papatah Amih basa rék indit. Ulah dilawan, moal pihadéeun.
Leumpang antaré, karéta ka lemburkeun sa-jam deui. Budak angger tibra dina aisan.*

Aam Amarullah - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya