Pasir Putat
KISUTA.com - Pareum listrik geus méh opat jam. Ti jam lima soré, sanggeus raat hujan bula- bali. Lembur karasa simpéna bari meredong. Di beulah kidul, atra nu baranang ti Pasir Putat. Éstu kontras jeung kaayaan sabudeurna. Mongkléng. Kawantu aya dina tonggongna, wawangunan di Pasir Putat katenjo beurang peuting ti pilemburan nu ngampar lebakeunana. Komo palebah aliran modél kieu. Matak nyirik nempo nu marakbak sosoranganan. Pasir nu tadina ngémploh ku kakayon, kiwari jadi bulistir. Ngaliglag dijorag nu beunghar, beuki beunghar. Najan di punclut, cai ngagolontor tina sumur bor. Jerona alah batan beungeut cai di landeuhna, Citengah. Jalan ka tonggoh lucir dihotmik. Hareupeunana ngajegir pos satpam. Ceuk béja, saméméh asup ka komplék kudu make heula baju husus jeung dimasker. Ngajaga bisi sémah mawa panyakit tuluy tépa ka pangeusina. Bray. Listrik hurung deui. Surak sajongjongan. Teu lila ngageleger, tingcariak handaruan. Longsor tai kotok. Pasir Putat nyilalatu, bulu hayam jadi hujan.*
Ida Nurulhuda - kisuta.com


