Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Réma-réma Kana Dada

Kamis, 16 April 2015

KISUTA.com - Di kamar tukang. Tipi hurung. Ramo-ramona parigel. Ngulas-ngulas koas. Salsé mulas uteuk Si Tétéh. Naék ka loténg. Tipi. Sungutna ngabamblam. Ngajarkeun baruntak, ka Si Agan. Tuluy turun. Muru sangu. Sapoé jeput beuteung can kaeusian. Tungkul teuing. Ngarit. Nyumponan kabutuh dunungan. Di dapur. Si Bibi cengar-cengir. Kawisaya kuis, nu nawiskeun pirang-pirang harepan riwan. Teu diusil. Ngalas. Los ka tengah imah. "Ramé?" Si Démplon jongjon. Nongton sinetron. Gék gigireunana. Rét kana tipi. Gebeg. Tipi, leungeunna ngarungkupkeun heurap. Pecenghul huluna. Yaksa. Matana pécak. Sukuna. Sabeulah ngacak sagara, sabeulahna deui ngacak darat. Beuki atra. Tingkaruniang tina jero tipi. Yaksa. Nu pulas mode. Science. Film. Nu dikopéah. Sorban. Tatoan. Pirang-pirang yaksa narémbongan. Manéhna cengkat. Bréh! Beungeutna. Paadu hareup jeung panon poé. Teuteupna, seuneu. Tuluy alak-ilik. Tutungkulan. Basa kapireng sora tingbarentik, lulunjuk! Ramo-ramo ngagumuruh. Nyupata. "Woooy...! Tonggoy waé, ateueueuh...! ceuk uing. Harita. Manéhna. Taya riuk-riuk. Cacak buntut manjangan. Huntu nyihung. Ceuli nyurungkuy, mucung 'na hulu. Soca. Huam-hiem...*

Remi Purwaka Sadkar - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya