Telepon Ti Alam Gaib
KISUTA.com - Teu nyangka bakal aya balukarna kana diri. �"ta pédah dahar rujak cuka béak tilu mangkok isuk kénéh. Leuwih ti lima welas kali bulak-balik ka jamban. "Engké mah sakalian wé dicampuran éndrin!" pamajikan gegelendeng. "Poho nyimpenna," cekéng téh. Orolo kuring utah, getih nu bijil. Nempo kitu, pamajikan geumpeur.
"Tah, geuning beunta ayeuna mah," ceuk nu maké seragam bodas bari menerkeun infusan dina leungeun kénca. "Ieu téh di mana?" euweuh nu némbalan, kabéh pating laléos.
Astaghfirullah, meureun ieu téh di rumah sakit téa. Lamunan kagareuwahkeun ku nu daratang, ngabring. "Anjeun rék diubaran heula méméh ditakonan. Moal lila, paling 200 taun," ceuk nu anyar datang.
Gebeg, kuring reuwas. Aya panggilan dina hapé, nomerna teu wawuh, terus ditarima. "Ieu sareng saha?" kuring nanya. "Bagéa di alam barzah!" jawabna tandes pisan.*
Irman Dimyatie - kisuta.com


