Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Oléh-oléh Panghadéna

Selasa, 21 April 2015

KISUTA.com - Teu ibur ka tatangga ari lain ménta pangdu'a mah sakalian bari sanduk--sanduk neda pangampurana. Kitu ogé ku pitulungna DKM ditepikeun dina waktu méméh jumaahan basa geus nyantek ka pimiangeun. Nyangkolong kanimatan, sahenteuna ngaganggu nu keur anteng nundutan. Lain teu hayang siga batur -ngayakeun walimatussafar- akuna, tapi ngarumasakeun ku kalaip diri. Miang dina waktuna dianteur ka pedopo ogé cukup ku kulawarga anak cikalna, naék angdés nu arang langka saba kota. Kitu deui basa mulang dipapag lain ka émbarkasi tapi cukup ti pendopo kabupatén.
"Alhamdulillah, abah jeung ambu bisa riung mungpulung deui jeung maranéh," pokna basa geus datang ka imah. Koper jeung tas jingjing dibukaan. Diriung ku anak incu. Eusina leuwih loba baju salin nu katingali kotor seuseuheun. Aya éta ogé korma jeung kacang arab sapulukaneun. Cai zam-zam dua kompan. Taya nu ngarasula kabéh sugema waktu abah jeung ambu muka oléh-oléh panghadéna nu diteundeun dipusti-pusti dina puncering sanubari, du'a jeung karido keur seuweu-siwina.*

Entjep Sunardhi - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya