Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Palay Capé Salawasna

Selasa, 28 April 2015

KISUTA.com - Mangkat isuk balik soré. Dug tinetek. Nyiar kipayah. Ngusahakeun anak pamajikan. Nepi ka imah wanci sareureuh budak. Dibagéakeun.
“Badé siram heula atanapi badé tuang heula atawa badé kumaha heula, Pa?” imut pamajikan nyingraykeun lalangsé kacapé haté.
“Cuang leleson heula wéh, Mah!” bari mukaan sapatu jeung atribut séjenna laju ngabaheuhay 'na sofa. Pamajikan cugceg mémérés pakéan kotor terus rikat nyodorkeun susu haneut kasedep kuring.
“Capé téh nikmat nya, Pa?” pokna.
“Naha?”
“Apanan kiwari seueur pameget nu ngaligeuh, teu gaduh damel?”
“Muhun. Mamah gé mugia sing tetep sabar, nya?”
“Naha?”
“Apanan kiwari gé seueur istri nu sesah kénging jodona, sok sanaos tos diabar-abar ka mana mendi.”
“Leres Pa. Mugia baé atuh kacapé urang duaan dina ngurus murangkalih gé, kalebet capé nu éndah tur nikmat. Margi seueur geuning nu tos lalandong kamamana tapi tetep tacan kabiruyungan tiasa gaduh rundayan.”
Treup. Goléhé ‘na lahunan. Diambung damisna bari diusapan rambut panjangna.
“Badé naon heula, Pa?” pokna semu haroshos.*

Mulyana SA - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya