Kalangkang Bagja
KISUTA.com - “Wah… cék saha kanyaah kudu dibeungkeut ku ayana budak! Bet énjoy wé najan can dipareng gé!” Bari makékeun baju keur lebaran diteruskeun ku ngoconan Si Bungsu tangka ceuceuleukeuteukan. Angger ari geus ngélég téh! Jeung enyana deuih, Kang Jana mah janglar. Deudeuh jeung geugeut ka Téh Hésti teu robah najan welasan taun can dipareng boga turunan gé.
“Téwak Ua! Téwak!” Lung, anggel ka uana. Kep, Kang Jana néwak bari ngarényohan. Cakakak Si Bungsu kat ngalenggak. Térékél kana tonggong uana, clak kana taktakna bari muntang kana tarang. Engkug-engkugan sugema nakeranan. Kang Jana deuih taya kacapé. Unggal balik ti kantor kituna téh. Térélék hapéna disada.
“Muhun…, nembé bérés ngadamel laporan puguh ieu téh. Siap, uih ayeuna. Mmuach…!” Pasti Téh Hésti. Celengok-celengok bari ngélékéték Si Bungsu.
“Enjing deui nya…!” Ramona ngusapan buuk budak. Rék mulang aya ku léléda. Paromanna ngadadak alum.*
Teti Taryani - kisuta.com


