Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Siti Nurbaya

Kamis, 30 April 2015

KISUTA.com - "Calik...!" pokna satengah maréntah. Gék diuk. Tungkul. Tapi karasa pisan seukeut paneuteupna. Duh, katohian.
"Kajantenan deui?" tanyana leuleuy. Nyengkatkeun gado, ngusap deudeuh nu nyeri dina pipi, nu bareuh dina panon. Geus teu bisa ceurik. Ti mimiti dirérémokeun gé, ceurik geus béak. Manéhanana ngaleupaskeun usapanana. Ngaluarkeun amplop eusi foto. Foto salaki nu keur ijab kabul! Duka teuing jeung saha deui. Geus teu hayang nyaho. Ku loba teuing kanyeri, haté geus baal.
"Akang nu ngabiayaan kawinanana. Supados kersa mirak Enéng. Akang tos teu kiat ningal Enéng dinyenyeri, wareg panyiksa." Dareuda. Geter kanyaahna karasa ngahaneutan haté. Nu baheula nyandang pangéran kampus téh, ayeuna katingali leuwih kolot ti umur nu sabenerna. Alatan kuring nu teu walakaya.
"Naha kersa mulung sésa?" Peura.
"Kanggo cinta mah teu aya sésa, Geulis," imut. Haté baruntak.
"Néng kersa sanés ku harga, tapi ku cinta! Cinta nu ayeuna duka kamana boa. Hapunten. Permios!" Ngaléos. Ninggalkeun manéhna jeung sakeclak cimata.*

Emalia Ilyas - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya