Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Batu Ti Surga

Sabtu, 2 Mei 2015

KISUTA.com - Deuh ieu salaki. Teu kaur aya uusuman, sok nepi ka poho kana kawajiban. Usaha dipasrahkeun ka pamajikan. Jaman resep touring, der konvoi jeung babaturan sakleup. Mangsa kapéngpéongan ku Si Nyonya nu diantingan. Tangka poho ka nu sono. Mun keur resep voli, marag kamamana. Geus puguh kana gadget mah. Gunta-ganti saban aya modél anyar.
Barudak mah ukur ngabeberah, “Wios, Mbu. Batan begér ka istri mah mending begér kana pangaresep.” Sanggeus eureun kana “love bird” der kagémbang ku batu ali. Uduh kana duit asal bogoh kana batuna. Disabaran, ukur wasa ngusap dada. Teuing iraha lilirna.
“Mbu, batu nu aralus mah geus ampir kabéh kapimilik. Tapi bapa can sugema. Asa hayang nu di jerona ngelemeng Nyi Roro Kidul.” Teu euleum-euleum.
“Abdi gaduh nu istimewa. Batu ti Surga. Mangga kanggo Bapa. Rido!”
“Ih, teu béja-béja. Meni jempling, mana cing?”
“Di dieu!” Nunjuk angen. “Aya kalbu nu tos ngabatu!”*

Tiktik Rusyani - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya