Béda Rasa
KISUTA.com - “Da tos lami, Bu, abi mah gaduh kasakit lambung akut.”
“Kutan, lambung akut?” Gap, beuteungna dirampa. Geter halon, ngulisik méré tangara nu keur mitembeyan hirup. Clak, késang Imel maseuhan tonggong leungeun Arum, guruna.
“Aduh, Ibu, nyeri...!” Imél muringis. Késang renung minuhan tarangna, maseuhan irung jeung runcangna. Leungeunna muntang kana pigeulang.
“Nyeri, Mél? Atawa isin?” Sot, nu muntang.
Torojol indung bapana. Duanana ngaheruk. Hareugeueun, rék incuan lain wayah.
“Ngahaja, nya, hayang mupuas?” Pokpokan indungna Imel. Panonna ngulincer ka Arum.
“Ssst... Mah, éra atuh,” salakina ngagebés. Teuteupna beueus. Unggeuk ka Arum. Nu geulis. Nu bageur. Nu teuteupna liuh. Nu angger soméah najan manéhna kabéngbat ku nu séjén.
“Teu langkung Ibu badé nyarios naon. Mung hapuntenna, mangga Imél candak mulih. Sakantenan ieu tawiseun, buktos pengambilan berkas. Ogé buktos sérén-sumérén tuang putra. Hawatos, bilih babar di sakola.”
Saméméh indit, paadu teuteup. Nu hiji ngagalura. Hijina deui, ilang rasa.*
Teti Taryani - kisuta.com


