Masigit Asih
KISUTA.com - Hareudang bayeungyang. Haté Ni Asih ngawah. Guling gasahan. Teu bisa dipapalérkeun. Dina katokrohanana nyelap hiji hawa nyesek pisan. Duméh can bisa nyumbang ka masigit nu keur dibangun.
"Emh, Gusti. Nu sanés mah bring deui-bring deui."
Unggal poé, nalika speker disada nataan ngaran panyumbang, cimatana ngeclak. Haténa ngarakacak. Ras kana katunaanana jeung kanunggelisanana.
Hiji mangsa, Ni Asih seseledek. Tukang jeung mandor nu keur ngagarap pangimbaran reuwas.
"Nini, ulah kadieu, bilih geubis!"
"Ih, puguh Nini hayang nempo, bari hayang nyumbang ieu keramik saésé. Omat dipasangna hayang lebah tarang imam pisan."
Gebeg, nu ngadaréngé. Komo mandor mah. Gancang ngalelemu.
"Ni, atuh janten kirang saé engkéna. Bénten."
"Ah teu hayang nyaho. Pokona hayang dipasang lebah tarang imam."
Teuing naon nu ngagerakeun pikiran jeung haté panitia pangwangunan masigit. Da dina rembuganana kabeh saluyu. Keramik Ni Asih diterapkeun peresis lebah tarang imam. Keramik 40 X 40, biru kolot, nyéngcélak di antara keramik bodas.*
Dadah Hidayat - kisuta.com


