Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Keur Néang

Kamis, 7 Mei 2015

KISUTA.com - Teuing sabaraha lila. Teu weléh aya pipinding nu ngahalangan. Cenah éndahna moal kabayang jeung karasa. Cacaang nu teu manggih céda. Teu kaeunteupan poék salilana.
Baheula. Lima puluh rébu taun saméméh tangkal aya nu metik buahna. Enteung galelar di unggal alam. Euweuh kecap nu bisa mapakan kana itunganana. Dina unggal eunteung aya kalangkang tina kaagungan Cahaya-Na. Keur nu awas, tangtu nyaho pisan, yén sakabéh nu aya, kabéhanana ukur kalangkang nu eunteup 'na eunteungna.
"Tong katipu, Jang. Mun hayang cacaang, kudu datang ka sumberna. Mun ukur nénéang kalangkang, anjeun bakal sasar dina popoékna."
"Sumuhun, Mama. Kalangkang mah sapertos seungitna kembang. Aya kalana sirna mun tos sumping waktosna."
Nu ngaléngkah panceg kana hiji tujuan. Teu galideur mangsa ngalalalana. Ngala lana.*

Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya