Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Putri Raja

Sabtu, 9 Mei 2015

KISUTA.com - Imas ngusapan anakna nu baeud. Meunang béja ti batur cenah mun jenat bapana sok babadog rarampog. Ari ku indungna dibuni-buni pisan.
“Mun hayang apal, heug ku Mamah didongéngkeun. Baheula aya putri nu dipikanyaah ku Raja. Hanjakal putri téh badeur, sok ulin ka talaga bari tara bébéja. Padahal di dinya aya tukang sihir jahat nu boga lampu ajaib. Tukang sihir ngagoda putri sina ulin. Putri kagoda da resep ningali kukupu nu tinggeleber tina lampu ajaib. Ulinna lampar. Nepi ka antukna putri dikerem di guha anu poék. Ku tukang sihir putri disulap jadi tukang bala-bala. Unggal poé kudu nyadiakeun bala-bala sapanci keur tukang sihir nu gembul jeung sarakah. Hiji mangsa tukang sihir kamerekaan. Ku putri beuteungna nu bungkiang ditojos, nepi ka ngajéos siga balon. Tukang sihir kaapungkeun duka ka mana. Putri balik deui ka Raja, tapi Raja teu percayaeun éta téh putri nu leungeit. Antukna putri indit sakaparan-paran, sarta jadi tukang bala-bala nepi ka ayeuna.”
“Mamah…,” anakna ngagabrug Imas nu geus carindakdak.*

Darpan Winangun - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya