Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Diteuleumkeun Sétan

Senin, 11 Mei 2015

KISUTA.com - "Bongan teu tiasa diélingan atuda!" karasa usap deudeuhna. Samangsa kuring rambisak dina keukeupanana. Ceurik ku kanyeri. Asa diteungteuingan. Geus tilu kali karaheutan ku bebengok nu ngaranna lalaki. Bangsat kabéh sugan mah. Euweuh nu ngaranna wareg cukup ku hiji. Sétan kabéh lalaki mah! Kurang kumaha kacinta, kanyaah, katut kaawak-awak disérénkeun. Dasar anjing belang! Sagala katugenah budal dina lahunanna.
"Heup! Heup! Tos jep ah! Keun nu tos kalangkung mah tong diémut-émut!" pokna, imut. Nyengkatkeun gado. Ngusap deudeuh cimata nu nyurucud. Gabrug kuring nangkeup, tipepereket. Manéhna ngusapan tonggong. Ramo-ramona ngélékéték punduk. Laju kana buuk. Celengok nyium pipi, mapay kana ceuli..., biwir! Nungkup inghak jadi hégak. Manéhna nuyun ka kamar. Teu wasa nolak. Kaburu karungkup ku napsu keur nutupan raheut nu nyeri.
"Ulaaah...," kuring humarurung.
"Ssst, urang silih landongan. Pan urang sami-sami pacundang cinta," haréwosna haroshos. Duaan teuleum dina sagara. Jelegér! Aya ombak neumbag jandéla kamar.
"Anjirrr, lésbong geuningan!" kedepruk, gorobas!*

Emalia Ilyas - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya