Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Reduplikasi

Jumat, 15 Mei 2015

KISUTA.com - Wine jeung Agis diteuteup. Dalah dikumaha. Ngaranna gé cinta. Méméh indit, Wine muntang ka Muldan, sobatna. Mihapékeun indung bapana.
“Nyaan? Jangji rék silihpikanyaah?” Kadua kalina Muldan nalék. Duanana arunggeuk.
Muldan ngarénghap. Melangeun, sabab kolot Wine teu doa. Wine nu geulis jeung percéka nyampaykeun harepan ka Agis nu ngaligeuh kénéh. Ari bageurna mah geus kaciri tina sapopoéna ogé.
“Jung atuh didu’akeun sing panggih jeung kabagjan. Isukan gé léah kolot mah. Asal sing balener.” Muldan ngajurung laku.
Jeung enyana, sanggeus kakurung ku incu, indung bapana Wine léah. Nyaahna totomplokan.
Pasosoré dua puluh taun ti harita. Torojol rumaja sajodo, juuh cimata. Cenah ditundung ku bapana. Muldan ditelepon, dinaha-naha. Dilelemu. Tapi ngajawabna teureugeus. “Nepi ka iraha gé teu satuju! Paéh hirupna aing teu hayang nyaho!”
....
“Nyaan? Jangji rék silihpikanyaah?” Wine jeung Agis nalék ka duanana. Nu ngeluk, arunggeuk.
“Jung, didu’akeun sing panggih jeung kabagjaan. Isukan gé léah kolot mah. Asal sing balener.”*

Teti Taryani - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya