Garwa Petingan
GEUS cita-cita hayang jadi garwa petingan. Nu romantis, pinter ngaluis, jago méré sérpis. Wawuh tilu bulan. Taaruf laju dilamar. Der didahupkeun. Panan ayeuna rék bobogohan téh, sanggeus jatukrami.
Pating ronghéap lamunan kasumba. Sagala nu dipiboga, rék digebrokeun. Rék diédankeun nepi ka sugemaeun.
“Say, gugah. Ieu kopi sareng roti isi.” Nu ngarengkol ngulisik bari mélétét.
“Engké wé, tunduh kénéh.” Tibra deui. Kopi tiis, roti gaaleun.
“Ké deui mah tong sagala teuing dipasak.” Maido pédah loba sésa bagéan si manis. Dada mimiti heneg. Jauh tina implengan. Sagala dicawad. Sagala teu panduk. Peuting mindeng dibaturan simpé. Manéhna manco kana méngbal jeung tugas kantor. Nu hayang dipépéndé teu dipaliré.
Subuh nu tiris. Jurus ngaganggu dipetakeun. Geus lila teu kaanjangan. Sono geus caah. Kari ngamalirkeun. Parpum anteb, kimono sutra ngaliglag. Tapi nu digoda kalahka malik kana témbok, anteng ngeukeupan impian.
Asa hayang lunta keur ngagaringkeun cimata.*
Tiktik Rusyani - kisuta.com


