Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Pusaka Pangsaktina

Kamis, 21 Mei 2015

DEMI kacintana ka Kén Dédés, Kén Arok mesen keris nu kacida saktina ka Empu Gandring, panday keris nu kacida sohorna di satatar Jawa. Nu dipesenan sajongjonan ngahuleng. Panon batinna ngadadak terus rasa, mun Kén Arok aya niat nu kacida goréngna.
“Jalu, mun andika pesen keris pusaka nu saktina ngaleuwihan pusaka Tunggul Ametung, kula sanggup, tapi mun pesen pusaka nu pangsaktina sakolong jagat kula teu sanggup, sabab keris pusaka nu pangsaktina di sakolong jagat lain jieunan manusa…..”
“Maksud Mpu?” Tanya Kén Arok bari neuteup seukeut.
“Arok, pusaka nu pangsaktina di sakolong jagat ayeuna geus nanceb dina dada andika, mun teu gancang-gancang dicabut, mamalana tujuh turunan andika bakal palastra…” témbal Mpu Gandring, daria.
“Keris pusaka pangsaktina di sakolong jagat geus nanceb dina dada kula?"
“Bener pisan Jalu, pusaka nu pangsaktina di sakolong jagat geus nanceb dina dada andika, pusaka nu disebut cinta…” témbal Mpu Gandring bari neuteup seukeut Arok.*

Jejen Jaelani War - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya