Cimata Ema
AWAK nu kuru liwat saking téh, beuki pinuh ku bohak nu merejih teu garing-garing. Geus teu mempan diubaran ku daun seureuh mah. Rék kumaha deui, dapon ngan sakitu kamampuh nu jadi indung. "Ema..., nyeri teu kiat!" Bari ramona tipepereket nyepengan suling kameumeut, paranti manéhna nyiar kipayah, lebah parapatan Caringin.
Mindeng sasar budak téh. Pajar sieun ku ajag nu remen ngungudag unggal wanci tumorék. Hiji mangsa mah ujug-ujug hayang ngeunteung, sabeuleugeunjeur. "Ema, geuning Ujang téh jiga bebegig." Aya nu rambisak. "Ema, Ujang hoyong emam sareng goréng hayam." Lieuk, kana gentong nu korédas. "Ema, iraha badé ngajak Ujang, tumpak korsél téh?" Tuluy buukna diusapan. Buuk nu lawas teu panggih jeung sisir.
Teu kungsi pareng pirang-pirang kahayang téh, sabab manéhna kaburu aya nu nyampeur. Hiji lalaki nu murub mubyar cahayaan, sarimbag jeung manéhna. Gugupay, bari ngawelah rakit. Ngangkleung. Ngadeukeutan. Laju duaan meuntas talaga canémbrang hérang, nu caina ngamalir tina cimata Ema.*
Budi Mugia Raspati - kisuta.com


