Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Nu Meuyeum Kaceuceub

Minggu, 24 Mei 2015

"PEUTING ieu kudu lekasan!" Kaceuceub. Ngalangkang dina seuseukeut balati. Kaceuceub nu taun-taun nayeum na galeuh ati. Ka manéhna. Nu mihukum ukur jang nyumponan sarat kasaktén. Ukur nganteur birahina. "Kapan harita didinya nu ngomong daék dikawin." Pokna. Peuting kamari. Enya. Rumasa. Lantaran beuteung nu mingkin mendeyang. Bati birahi manéhna. "Kapan didinya nu hayang boga budak." Pokna. Harita. Enya. Tapi da lain ti manéhna. Hayang sotéh boga budak, ti Kang Lili. Salaki nu mimiti. Lalaki romantis nu can laksana jadi bapa. Sanggeus taun-taun mihukum. Namplokkeun rasa cinta. Namplokkeun kanyaah jeung perhatian. Bet dipungkas ku reumbay cimata. Salapan kali. Kang Lili manggihan manéhna ngagulanggapér awak taranjang kuring. Kawas peuting harita. "Getih hideung nu mulen pianakan Nyai, geus méh beresih." Ceuk manéhna. Haroshos. "Nyai bakal boga budak." Dipungkas ku ngagorowok panjang. Peuting éta kénéh. Kang Lili indit ngajingjing kapeurih. Nepungan Gusti na tungtung balati.*

Inda Nugraha Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya