Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Jampé Nyandung

Selasa, 26 Mei 2015

Asihan aing si leugeut teureup, si tetel si amuratel
Ka dieu siah sing deukeut, aing hayang adek antel

Asihan aing geutah nangka, tongtolang ti dayeuh Bandung
Daratang nu hayang didua, burudul nu hayang dicandung

NGAN sakitu. Teu kurang kecap, teu leuwih ungkara. Ieu jangjawokan kahot, paméré ti bapa kolot. Geus molotok na babatok, ngan tara dibucat-bacot. Kakara di lapak ieu munggaran dipedar, sugan moal jadi camal.
Hé Jalu! Ilo sing lanyah. Teundeun na hurikna ati. Tapelkeun na belangna bayah. Geusan sampeureun pakéeun mangsa hayang rucah motah.
Peupeujeuh tong dicutat-catet bisi kapanggih ku patih goah. Inggis bisi jadi matak, ngaruntagkeun rumah tangga. Kahadé tong dicuam-caém bisi kakupingeun bidadari.
Wanoja bakal marotah. Randa ogé tingjérété. Rabul muru ngepung, ngarawélan haté talangké. Meupeus keuyang! Nyakaran kahayang nu ngolépat na ingetan.*

Abu Ainun - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya