Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Ngontrog

Rabu, 27 Mei 2015

KURING nengetan tangtunganana. Teu ngarti. Buuk paselang jeung huis digelung sahayuna. Sidik tara ngambeu pakakas salon. baju kabaya. Samping terusan. Bersih sih. Ngan teu modis. Kuno. Jauh pisan jeung kuring nu rutin nga'gym'. Langganan salon. Ka butik unggal usik. Jadi naonana? 'Séx appeal' di manana? Nepi ka salaki poho balik.
''Dipélét nya ku manéh?'' 'to the point'.
''Teu pisan-pisan,'' témbalna tenang.
''Piraku? Maenya diréktur bogoh ka nini-nini!'' kuring jebéng ngahina.
''Yeuh, Néng. Kedahna uninga kabutuhan batin carogé. Sanés ku geulis ku modis. Namung betahna, nyaahna carogé téh ku ayana istri nu tiasa janten panyaluuhan bangbaluh carogé. Sumuhun-dawuh. Istri nu ngartos lain ku seueur artos. Ngarawu-mangku ku deudeuh jeung kanyaah. Pami Énéng tos dugi ka dinya. Sumangga ayeuna kénéh dipasrahkeun éta tuang carogé téh!'' Seukeut. Anteb. Nanceb. Aya imut kareueut hibar di imah butut ieu. Imah tempat salaki reureuh, jeung ngasaan éndahna dunya rumah tangga nu teu katimu di imah gedong, nu dieusian ku kuring.*

Emalia Ilyas - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya