Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Gandrung Batu Akik

Rabu, 27 Mei 2015

GEUS bosen kana manuk ganti kana meulian batu. Rupa-rupa batu dikumpulkeun. Isuk kénéh. Bah Jumad jeung baladna. Keur tonggoy ngasah batu akik kana pingpingna. Badis siga nu budug keur gégégtrét. “Juriiig! Na satéh, meni taya euih-euihna!” gerentes haté Ma Ocih. Kincid ka dapur. Rét. Gebeg. Mireungeuh coét kasampak geus beulah jadi tilu! Nyel ambek. “Kunaon itu coét geuning beulah?” pokna tipoporongos. Bah Jumad ukur ngarérét bari nyéréngéh. “Kitu wé nyah! Batu nu diusapan téh, kami mah diantep!” Kituna téh bari ngajeblogkeun panto kamer. Segruk ceurik.
Tengah peuting. Bah Jumad nyanghareupan batu dina baskom. Nu meunang ngeueuman minyak kayu putih dicampur minyak keletik. Cenah, sangkan robah warna. Ngahuleng. Keuheul batu téh taya robahna. Sagala cara ceuk béja geus dilakukeun. Malah hayamna ogé paéh, alatan diasupan batu. Antukna lahlahan, ngalaksanakeun ideuna. Isukna geunjleung. Bah Jumad dibawa ka rumah sakit. Cenah kudu dioperasi.*

Yuharno Uyuh - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya