Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Nu Mulang Wanci Sareupna

Minggu, 31 Mei 2015

LÉNGKAHNA rumanggieung, lungsé jeung capé museur dina dampal sukuna, léngkahna angger mapay-mapay tarahalna jalan nu keur disorang. Leungeun kéncana ngajingjing karung bagor, teuing naon eusina, naha rongsokan meunang mulungan atawa doa-doa nu teu weléh ngagalindeng dina haténa, teuing jampé nu ngaharéwos kana dadana, teuing haleuang dina serat kanayagan nu ditungtungan ku notasi sumbang.
Teuing geus sabara jauh sapasang sukuna mapay-mapay tarahalna jalan, boa geus teu kaukur. Nu puguh sapanjang nyorang lalakon, dina kongkolak panonna teu weléh ngalangkang imah basajan, imah nu dipikasono ku anak incuna, tapi teuing dimana ayana.
Dirina asa nyorang sagara keusik nu kapentrang matapoé, dampal sukuna asa néréptép panas. Unggal ngaléngkah asa nincak karikil-karikil warisan mangsa ngorana.
Lebah tutugan pasir bulistir, panonna neuteup pasir-pasir nu taringgul ku batu. Leng ngahuleng. Rénghapna karasa asa eungap nempo layung-layung mangsa sareupna. Aya genclang hérang nu ngalémbéréh tina kongkolak panonna. “Ujang, Nyai, Aki mulang….” Gerendengna bari nyusut cipanonna.*

Jejen Jaelani War - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya