Teuteup Si Leugeut Teureup
MIRENG kasauran Setyawati nu seja sumerah pasrah dina cangreudan akad tikah, Resi Palasara ngadadak marudah, sok sieun niat saéna disangki ngarah pamrih.
“Duh... Hyang Widi wiati pangarti, nu sajati mariksa ati, nu rancagé ngawasa simpé haté, nu ngatur sésa umur, nu suci ngaraksa wanci, jodo, pati, bagja, cilaka, sadayana kagungan nu Kawasa...” gerentesna bari neuteup Setyawati. “Duh, Hyang Wisésa, anging Anjeun anu surti...”
Leng ngahuleng, manahna ngangken, rasa mo sumput salindung, sok sanaos nembé tepang, bet aya nu renung gumulung dina kagandrung, rasa kagurat ku béngbat, tina teuteup bet kabeungkeut ku kageugeut.
“Geulis, teuteup anjeun nu tuhu dina kolbu, mugia kasauran salira medal tina kaweningan rasa, sok sanaos diri geumpeur wakca geumpeur balaka, mugia jangji salira janten kaludeung nembrakeun galura cinta, galura rasa dina kaweningan hariring asih...” gerendengna.*
Jejen Jaelani War - kisuta.com


