Sambel Solar Acéh
GORÉNG mujaér, tahu, témpé, lalaban geus sayagi. Tinggal nyambel. "Dé..., pangmésérkeun tarasi di warung caket pangkalan ojég." Budak ngencling. Sabot nungguan, ngakeul sangu nu karék dibahékeun tina aseupan. Bapana budak anteng diuk na sofa, ngagosok batu Campaka paméré adina. Renya-renyu, badis kedok pulas kayas nu naplok na dingding.
Nu ditungguan can jebul. "A, susulan adé. Naha lami?" Si cikal nu keur niup harmonika, kalékéd bangun nu wegah. "Kamana heula atuh si kodé téh!" Murukusunu, tapi bari jeung indit.
Teu lila, jol. Si cikal dituturkeun adina nu rawah-riwih. "Ari adé ti mana!" Rada nyengor. "Kalah nongkrong di tukang batu, Bu," lanceukna némbalan. "Mana tarasina?" "Teu mésér, artosna digaleuhkeun bongkahan solar Acéh," bari nginghak. "Gusti...! Ari adé teu tiasa diamanatan." Gendok. "Da hoyong ngadamel ali, sapertos Bapa." Beu...! Rét ka bapana. Balaham-béléhém. Gogodeg, ngabandungan polah budak nurutan bapana. Éléh géléng. "Jig, geura ameng!" Léos budak indit, bari ngajéwang si Néptunus, ucing kameumeutna.*
Éboéd - kisuta.com


