Ti Ajag Kanggo Néng Bulan
"GILER socana lir seuseukeut jamparing. Nyésakeun tatu."
Simpé téh duka iraha tugurna, In. Ti kawit ngadugikeun sono nu basajan, dugika kangen pangcapétangna, horéng mung sakadar paguneman sanyaliraeun wungkul. Teu pisan-pisan aya waleran. Komo hoyong ngupingkeun gumujeng nu karaos dalit pisan siga sataun kalangkung mah, sigana tiasa kasebat ukur impénan.
Duka pédah ieu diri alim ngaraheutan anjeunna, In. Pameget nu sumping nyanyandak bulan dina pananganana. Lajeng dipelak 'na éta soca nu tos puguh gumenclangna. Pameget nu kantos katingal pageuh pisan ngarangkul kana éta salira. Ngahaneutan éta lambey ku lambeyna.
Ah, nu puguh mah sanés anjeunna nu bakal raheut téh. Da geuning kawih-kawih kakupingna nyelekit téh bet ku ieu dada, In. Kantenan pami mireng lagu nu diblututkeun ku salira kana ieu hapé, soca sok karaos haneut pisan. Sesah ngarénghap. Kadang sok hoyong saénggalna ngalih ka alam kalanggengan.
"Anjeun murnama. Kuring mah ukur hawa nu diseuseup simpé."*
Ahmad Fawzy Imron - kisuta.com


