Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Sasakala Gulutuk Nyengir

Jumat, 5 Juni 2015

JAUH teu burung cunduk, anggang teu burung datang. Najan kudu nyorang peuting jeung jemplingna. Ngaliwatan leuweung jeung keueungna. Hujan jeung tirisna. Kabéh teu ngabuntukeun lakuna. Buleudna niat, hayang ngawasa kota, ngaruntuhkeun sagala rupa hahalang. Sabada peunggas harepan. Nyiar kipayah ti rupaning tarekah nu geus dilakonan, tapi taya hiji gé nu méré harepan. Antukna motong jalan. Guguru kawedukan ka Bah Durja, nu matuh di Pasir Mingsir, di tengah Leuweung Kalong.
Di tepas saung, Bah Durja nalék.
"Buleud?"
"Buleud, Bah."
"Temahna di ahir beurat. Moal kaduhung?"
"Moal."
Nincak ka saminggu, magrib.
"Geus, geus cacap anjeun mati geni tujuh poé lilana. Prak geura buka. Tah cihérang!" Bah Durja nepak tonggong Si Juhro. Laulaunan Si Juhro beunta.
"Pék geura inum!" Bah Durja ngasongkeun cai jampé dina batok. Antaré ngaleguk.
"Prak ayeuna geura jajal. Améh yakin weduk henteuna. Tah bedogna."
Geclak! Kana leungeun, pingping , beuteung.
"Enya, Bah, teu teurak." Panasaran. Bedog sahabekna ditigaskeun kana tonggong beuheung. Gelenceng! Gulutuk, gulutuk, gulutuk! Hihihi. Nyengir. Ti harita jurig gulutuk nyengir nunggu Pasir Mingsir.*

Dadah Hidayat - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya