Sajeroning Leumpang
NYAAN. Ukur dianjangkeun. Anjang-anjangan. Réngkak, ringkang saheulaanan. Nugur wanci. Enya asa genah dina mamanisna. Sok genah kalilaan. Nongtoréng kekecapanna. Da enya. “Heu, kitu wé..., montong sok angeus-angeusan! Pék, geura ngeunteung ka ayeuna geusan sampeureun géto! Pék, pok, prak...” saban ngarandeg kumalayang. Nompo na ceuli nampeu na lolongkrang rénghap. “Ayeuna rék ka mana, jeung rék kumaha?” Geus pok deui. Ukur dijawab ku ngingsreuk. Ngaléngkah deui, luménghoy. Tumungkul nyucud tincakeun. Ngasruk rerembet. Reg. Rumandeg. Laju tanggah. Méga tinggarayot semu ngajebian. Dumadakan angin nyéor. Paralak hujan. Tingbeletak kana tarang. Peureus. Angin mingkin ngagelebug ngageubigkeun awak. Méh titolonjong. Léngkah dikerepan. Teuing rék bras kamana! Nuturkeun indung suku. Néangan sugan.*
Yuharno Uyuh - kisuta.com


