Samarukna
BAKU geus kieu téh. “Head-line” kudu diganti ku nu leuwih alus. Leuwih aptudet. Biasana jam dualas peuting geus di imah, pasti ngayayay. Kantor - imah téh kurang leuwih 30 kilométer. Dua jam na angkot mah. Untung peuting tadi mah. Si Héndrik, potograper, bisa diiluan.
Orokaya! Bujur ngarempod lebah Taman Puring. Ngénca saeutik terus ngatuhu. Sup kana “fly-over” Kebayoran Lama. Laju ngadius muru Ciledug. “Ndrik, ulah tarik teuing, euy! Siga nu tunduh geuning manéhna gé…” Rada nyentak, basa ngénca bada jambatan Cipulir. Sora mesin ngagaur. Belenyeng mobil tarik pisan. Jelegééér! Nabrak tihang listrik. Les! Teu inget di bumi alam.
Bodas sakuriling-bungking. Rét kana leungeun! Selang infus nanceb dina urat. Di Rumah Sakit. Rét ka kénca. Belenyéh Si Héndrik seuri. “Moal nepi ka imah mun uing nu nyupiran mah, Dén. Teu kuat, tunduh. Untung wé ku manéh.” Pan manéhna nu nyupiran téh. Samarukna di imah kitu ieu téh?*
Deni Riaddy - kisuta.com


