Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Hépi Énding

Senin, 15 Juni 2015

DI lobi bandara Husén sabot nungguan pesawat nu ka Bali, gék diuk saurang wanoja sapantaran. Geulis jeung modis. Sarua nyorangan. Manéhna sarua jeung kuring, anteng tungkul kana tab. Miceun kakesel ku pesawat nu geus biasa 'delay'.
Keur kitu, torojol aya dua lalaki marawa biola jeung gitar. Narangtung hareupeun kuring duaan. Der nyaranyi. Kuring jeung éta wanoja silih pelong bingung. Naha dimeunangkeun aya nu ngamén di lobi bandara?
'Please, dont let me go..., stay here. And married with me'
Torojol saurang jajaka gandang. Brek tapakdeku hareupeun wanoja gigireun. Ngasongkeun cepuk buludru eusi cingcin.
''Would you?'' pokna ngaharéwos bari imut. Musik ngadadak jempé. Nu lalajo mingkin loba, narahan napas. Sugan téh bakal happy ending modél dina sinétron. Si Wanoja ngajurungkunung. Habek. Tas Hérmésna ngababuk sirah si lalaki. Teu basa teu carita. Ngaléos ninggalkeun nu ngajoprak. Deudeuh.
Dua taun ti harita. Di lobi bandara Ngurah Rai. Jajaka éta ngasongkeun cepuk cingcin ka kuring.*

Emalia Ilyas - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya