Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Fikmin

Munggah

Selasa, 16 Juni 2015

JEMPLINGNA peuting, méré lolongkrang kana haté nu hayangeun simpé, nyorangan, endung dibaturan, najan ku lagu Hariring Peuting. Hayang cicing, jejem, deuk mapatkeun pancaning driya.
Tiisna, nyecepna, méré lolongkrang apung-apungan na implengan, asa laluasa. Dilalajoan sajatining réhé. Dikeprokan kosong, dihaminan cicing.
"Aing hayang undak!" Sakitu nu kedal. Sababaraha kali balikan. Minuhan uteuk, haté, impleng jeung rohangan ngemplongna.
Sabalikna.
Di lembur geunjleung, haliwu, cuhcih; aya nu maot sabada adus munggahan. Jasadna ngagojod na batu lémpar. Euweuh nu ngurusan.
"Antep baé dak, nu édan leupas ieuh, euweuh guna keur lembur géh! Ngomong jiga nu heueuh, rahayu rahayu wéh, KTP géh teu gableg. Leus teuin sina dilebok buhaya!" Pagawé désa ngonokeun, riweuh ngabagikeun proyék santunan.
Rérés simpé. Ngagurijag. Awak polos, ngalempréh na rohangan pangburina di RSU. Hawar-hawar ti rohangan UGD, loba nu sing bangingik, katulah mamala, pisapoéeun deuk Shaum.
"Gusti kula hayang munggah..." Sidakep deui, nyimbutan manéh ku lamak bodas. Polos... Jep simpé deui.*

Rohendi Pandeglang - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya