Senin, 1 Juni 2026
Sastra & Humor
Dongeng Pasosore

Lain Totondén

Rabu, 17 Juni 2015

GEUNJLEUNG di marcapada. Aya sora tarompét ti jomantara. Taya nu apal. Obrolan di unggal madhab ngan soal sora téa. "Tong kamalinaan hirup téh. Kiamat moal lila deui," ceuk ibu-ibu nu ngaku utusan Jibril. "Ahir Méi rék aya UFO mendarat di Monas. Coba kirim béja Présidén. Anjeunna kudu nyambut Jibril kituh," omongna.
Aya ogé nu teu percaya kitu waé. Seselempét néangan info. Unggal tempat disungsi. Palangsiang lain tarompét malaikat, gerentesna.
Anu nyungsi henteu bosen. Néangan béja bari ihlas. Gilig pisan. Ieu lain totondén kiamat. Nanya alam jeung eusina unggal bérés solat.
Hiuk kaangseu bau. Irung dipengkék. "Tooot..! Uuuuh..! Toééét..!" aya sora di awang-awang. Nanggah bari nyidik-nyidik. Aya nu hiber ngabelesat.
"Belegug siah! Aing kotka reuwas kieu. Ulah hiber ari keur gering mah, Kéhéd..!" sora Bima ambek-ambekan bari tanggah.
"Punten, Ama. Isin upami kaula hitut di darat mah," walon Gatotkaca bari turun ti wiati. Sungkem. Andékak hareupeun bapana. Nu ambek bati gogodeg.*

Irman N Dimyatié - kisuta.com


BAGIKAN

BERI KOMENTAR
masjidraya